Posts

GUGURITAN

WAWANGSALAN 1.      Disebutna sato lindeuk      Kanyahoan kana pati (JAPATI) 2.                  Raksukanna dina solat Henteu nyekel moal kena (MUKENA) 3.                   Ngagantung dina tangkal Kalakuan anu ngalapa (KALAPA) 4.                  Gelas gede pinuh cai Warna loba eta balon (GALON) 5.                Wadah duit sok ditanggeuy Aya ucing koneng kadempet (DOMPET) 6.                    Ditakol ku panakol Jadi jalma ulah sok nyombong (GOONG) 7.                  Kadaharan anu di olah Hayu tepung sangkan teu gandrung (GADUNG) 8.                     Lauk nu aya ...

RUMPAKA KAWIH

ASIH DIPULANG KAPEURIH Bulan sapasi nu jadi saksi  Basa urang tepung nu munggaran Anjeun jangji pasini Urang bakal babarengan  Duh Engkang  Katiga geus kalarung  Naha atuh bet sulaya Kapan abdi nganti-nganti Duh Engkang  Geuning sumping kembang deungeun  Ngeusian sagara hatena Teu ngarampa hate kuring Duh kiwari kuring pamit  Mulangkeun kaasih nu bari SONO NU NGALANTUNG Sanaos Urang duaan Paanggang teuteup Paanggang waruga Nanging kaasih tetep marengan lalakon Dina unggal du'a sareng dina impĂ©nan  Kuring sono ka salira Lir kembang mikabutuh cihujan  Mekarkeun kaasih

GUGURITAN

  Guguritan Mijil “Duh Gusti” Abdi sujud ka kersa hyang widi Abdi rumaos Ieu hate teu bisa di paler Kapigadrung ku ciptaan gusti Katarik kataji Ngan hanjakal lapur Abdi pasrah ka salira gusti Mugia sing cumpon Asih abdi keur bebende hate  Sok sanajan henteu aya widi Ka salira gusti Kuring sujud nyuuh Aduh gusti anu maha suci Ning ieu lalakon Asih abdi keur salira wae Kabengbat ku ciptaan gusti Hayang mah pasini Ngeusian ieu kalbu Hate kuring nu pinuh kaasih Asih sajejero Asih abdi ratug dina hate Asih nu hayang ngajadi hiji Ngan kahalang widi Kuring sujud nyuuh Saban wengi kuring masih nganti Nganti saban poe Sok sanajan tacan aya wae Nudianti teh teu pareng wae Tara disasari Pikir pabaliut Pamentasan hate mawa tingtrim Hayang mah ngajodo Akang nu nyeceb dina hate Jangji pasti nu bener pasini Rasa rumasa na diri Akang nu dituju Sanajan cinta teu aya widi Tarekah sing getol Sabab akang nu jadi pupunden Nepi kana waktu nu dianti Kudu saban wengi Ikhtiar mah kudu Mawa endah kana ...

SAJAK

 LAPUR Ti kajauhan katembong sorot soca Sorot soca anu can tangtu bisa dipiboga Hate geus teu bisa di paler Rasa nu ku ciptaan gusti Rasa nu katarik jeung kataji Ngan hanjakal lapur Hate nu ngan bisa pasrah ka salira gusti Mugia sing cumpon ieu asih Asih abdi keur salira bebende hate Kuring sujud nyuuh NU ENDAH Alam anu endah ciptaan gusti Alam anu endah kagungan gusti Matak betah ku di tempo Teu cukup ku disebut Atawa ngan ukur dipikir Tapi kudu di rasakeun Dibarengan ku rasa Syukur Kabeh jalma kudu apal Kana kaendahan ciptaan gusti Nu moal aya lian JATI DIRI Ti leuleutik kudu loba mikanyaho Jaga gede teu kaduhung Kaduhung miskin ku elmu Kudu bisa neangan jati diri Pikeun bekel sarerea Modalna keur engke jaga SUMERAH JEUNG PASRAH Ulah sieun ku kaayaan Kudu narima kana takdirna Sumerah jeung pasrah Yakin yen Gusti teh aya Ulah hariwang ku janji Kudu bisa usaha tangtu pareng ieu diri PAPATAH Papatah kolot moal reh salah  Papatah ti kolot tanda kanyaag  Mangpaatna jaga didu...

NASKAH LONGSER PIKIRANEUN

 Ruslan • Rusih • Ceu Entin • Ceuk Hermin • Ibu Indah • Pak Mandor • Ajat • Uhe PIKIRANEUN ADEGAN 1 Ruslan jeung pamajikanna keur leumpang rek balikeun tas nempo pagelaran longser di bale desa. Kaayaan jalan anu poek maranehna duaan tingkareteyep bari ngobrol jang ngaleungitkeun kasieun di jalan kusabab ngaliwatan jalan nu hieum tengah peuting. Rusih: “Kang meni tara tisasari nya poe ayeuna asa muringkak murinding pisan kieu euy liwat jalan ieu teh asa arame kitu loba nu nempokeun” Panonton: “Rame kunaon cenah ceu?” Rusih: “Tah tah kang kadenge teu ku akang aya nu nembalan” Ruslan: “Heeh bener neng na timana atuhnya eta sora teh euy?” Rusih: “Kudu loba babacaan kang ngaliwat kadieu mah, komo ieu kaayaan tengah peuting, ceuk pak kiyai ustad haji pepen supendi ge cenah didieu teh yeuh dijalan ieu tempat jalma nu teu baroga duit ngarumpul” Panonton : “Yeuh didieu ceu” Ruslan: “Atuh ari kitumah urang kudu join grup neng pan sarua teu boga duit” Rusih: “Yeh gandeng kang pan urangmah nga...

NASKAH DRAMA NAHA HIRUP TEH KIEU

 TOKOH • Halimah • Emang • Embi • Pak Rahmat • Ibu Sumi NAHA HIRUP THE KIEU? ADEGAN 1 Dunya mun geus euweuh indung teh beurat rasana. Lain beurat hungkul tapi geus poek siga euweuh kahirupan saterusna, da ngan ka indung bisa muntang teh, eta pisan nu karasa ku Halimah nu geus ditinggalkeun ku indungna tilar dunya ti umur 7 taun, ayeuna hirup jeung Emang Embina anu baheula mikanyaah manehna pas saacan indungna tilar dunya. Bapakna mah geus teu inget inget acan ka Halimah, da ditinggalkeun teuing kamana pas Halimah kakara bisa ngorondang. Enya baheula kanyaah etateh ayana, da ayeunamah nu jadi Emang jeung Embi teh siga nu bengis mun nempo Halimah teh, teu inget baheulamah Indungna Halimah nu sok mantuan maranehna pas keur sangsara. Embi: “Halimah, dieu heula bantuan Embi, ieu Embi kagok keur mirun seuneu” Embina ngagorowok rada tarik.” Teu nembal nembal acan si Halimah teh, sakitu geus ngagorowok oge. Embi: “Halimah, keur naon ari maneh, Embi menta tulung teh kalah cicing wae! Halima...

ADAPTASI NASKAH DRAMA JANGJI ASIH

 Adaptasi Naskah tina Novel Jangji Asih Pamaen • Asih • Rahmat • Warji • Ruslan • Neneng • Resmi • Pak Wira • Lasmini • Tresna • Edo • Hilman • Estu • Sakri • Pak Sastra • Panonton 1, 2, 3, 4 • Pak Odang BABAK 1 ADEGAN 1 Budak leutik nu jumlahna 5 urang keur seuri balakecrakan ulin diburuan imah, aya Asih, Neneng, Rahmat, Warji jeung Ruslan. Maranehna seuseurian ulin kaulinan budak jaman baheula. Rahmat: Urang ulin kekerajaan yu! Ruslan: Hayu ah bosen ulin ucing sumput wae mah Rahmat: Ayeuna urang bagi heula, urang jeung si Ruslan jadi prajuritna, Warji jadi Rajana, Neneng jadi ratuna, cik saha nu can kabagi Asih: Asih, ari asih jadi naonnya? Warji: Pan di Kerajaan teh so kaya pembantuna, tah Asih jadi eta wae nu susuguh ka ratu jeung raja Asih: Alim ah Asih mah hoyong jadi ratuna wae ke neneng jadi anakna Asih Rahmat: Ih ulah atuh piraku Asih jadi ratu, asih mah pantesna oge jadi pembantuna Neneng pan Neneng mah tuh katingali pantesna Asih: Alim, teu adil, Asih mah alim jadi pemba...