GUGURITAN
WAWANGSALAN
1. Disebutna sato lindeuk
Kanyahoan kana pati (JAPATI)
2.
Raksukanna dina solat
Henteu
nyekel moal kena (MUKENA)
3.
Ngagantung
dina tangkal
Kalakuan
anu ngalapa (KALAPA)
4.
Gelas
gede pinuh cai
Warna
loba eta balon (GALON)
5.
Wadah
duit sok ditanggeuy
Aya
ucing koneng kadempet (DOMPET)
6.
Ditakol
ku panakol
Jadi
jalma ulah sok nyombong (GOONG)
7.
Kadaharan
anu di olah
Hayu
tepung sangkan teu gandrung (GADUNG)
8.
Lauk
nu aya kumisan
Na
cai aya bancet kole (LELE)
9.
Liang
gede tempat cai
Hayang
dahar jeung jengkol di semur (SUMUR)
10.
Di
teundeun na luhur hulu
Tumpak
beus nepi ka kota (MAHKOTA)
PAPARIKAN
1.
Ka
Palasari meuli majalah
Balikna
meuli japati
Hirup
ulah neangan masalah
Sangkan
bisa tingtrim ati
2.
Ngajina
make lagam bayati
Pak
kiyai loba cumarita
Saban
wengi masih nganti
Nungguan
jalma nu dipicinta
3.
Di pasar loba jelma
Liburan
ka pangandaran
Hade
budi kasasama
Bakal
dipiwelang ku pangeran
4.
Dangdut
keur ngetop judulna Jayanti
Anu
hajay Dimana mana
Hiji
waktu nu dianti
Bisa
cumarita jeung manehna
5.
Papatah
kolot kudu dijungjung
Make
mobil ladang nyewa
Hirupmah
ulah nurustunjung
Bisi
batur loba nu ngewa
6.
Loba
lauk nilem jeung kancra
Dibalong
caina saat
Hirup
kudu loba pangabisa
Sangkan
jadi jalma nu mangpaat
7.
Si
Anjar boga mesin ketik
Matak
loba pangabisa
Diajar
nabung tileuleutik
Sangakan
geus gede teu nalangsa
8.
Jadi
jalma loba pamenta
Jung
kaditu ka Majalengka
Ulah
sok midua cinta
Bisi
beunang kana cilaka
9.
Si
Ambar meuli katuncar
Meulina
ka Situgede
Hayu
urang sumanget diajar
Mih
teu kaduhung keur ngke gede
10.
Mang
Omen keur murak nangka
Dipurakna
jeung japati
Lamun
embung asup naraka
Lakukeun
parentah gusti
RARAKITAN
1.
Ulah
teuing meuli ketan
Lamun
matak kabeureuyan
Ulah
teuing ngadeukeutan
Lamun
niat ngaheureuyan
2.
Asa
hayang kana ketan
Kabita
pare nu anyar
Asa
panas nempo mantan
Kabita
mawa nu anyar
3.
Ulah
poho maca buku kabayan
Kudu
dibaca jeung si Kodir
Ulah
hariwang ku kaayaan
Kudu
narimakeun kana takdir
4.
Sanajan
meuli sakodi
Mugia
wae masing cumpon
Sanajan
teu aya widi
Mugia
wae sing cumpon
5.
Ulah
poho meuli bubur lemu
Keur
eusi beuteung wayah kiwari
Ulah
poho nuntut elmu
Keur
neangan jati diri
6.
Ulah
poho nakol goong
Sok
ah prung pagelaranna
Ulah
sok rea ngabohong
Sok
aya balukarna
7.
Sagala
masing gaul
Manusa
mah mahluk leleda
Sagala
di pake agul
Manusa
mah euweuh pangbeda
8.
Lamun
keur murak Nangka
Lakukeun
sing taliti
Lamun
embung asup naraka
Lakukeun
parentah gusti
9.
Diajar
nulis na mesin tik
Sangkan
boga pangabisa
Diajar
nabung ti leuleutik
Sangkan
geus gede teu nalangsa
10.
Kabeh
jalma naek kapal
Kana
kapal na Bu Suti
Kabeh
jalma kudu apal
Kana
kaendahan ciptaan gusti
Comments
Post a Comment