NASKAH LONGSER PIKIRANEUN
Ruslan
• Rusih
• Ceu Entin
• Ceuk Hermin
• Ibu Indah
• Pak Mandor
• Ajat
• Uhe
PIKIRANEUN
ADEGAN 1
Ruslan jeung pamajikanna keur leumpang rek balikeun tas nempo pagelaran longser di bale desa. Kaayaan jalan anu poek maranehna duaan tingkareteyep bari ngobrol jang ngaleungitkeun kasieun di jalan kusabab ngaliwatan jalan nu hieum tengah peuting.
Rusih: “Kang meni tara tisasari nya poe ayeuna asa muringkak murinding pisan kieu euy liwat jalan ieu teh asa arame kitu loba nu nempokeun”
Panonton: “Rame kunaon cenah ceu?”
Rusih: “Tah tah kang kadenge teu ku akang aya nu nembalan” Ruslan: “Heeh bener neng na timana atuhnya eta sora teh euy?”
Rusih: “Kudu loba babacaan kang ngaliwat kadieu mah, komo ieu kaayaan tengah peuting, ceuk pak kiyai ustad haji pepen supendi ge cenah didieu teh yeuh dijalan ieu tempat jalma nu teu baroga duit ngarumpul”
Panonton : “Yeuh didieu ceu”
Ruslan: “Atuh ari kitumah urang kudu join grup neng pan sarua teu boga duit” Rusih: “Yeh gandeng kang pan urangmah ngan ek ngaliwat hungkul”
Ruslan jeung Rusih luak lieuk neangan sumber sora nu nembalan tea.
Ruslan : “Oh itu neng panonton nu hayang nempo longer singhoreng rame teh”
Rusih : “Eh ning enyanya kang deng tapi karunya siah kang”
Panonton: “Karunya naon cenah ceu?”
Rusih: “Ganeng aing teh keur ngobrol jeung salaki aing tong pipilueun”
Ruslan: “Ning make karunya neng?”
Rusih: “Heeh ieuh matak datang kadieu teh berarti jalma loba pikiran hungkul nu hayang neangan hiburan”
Ruslan: “Yeh tong kitu pan urangge sarua tas nempo longser, kapanggih ke ku batur sarua keur loba pikiran oge, komo akang mikiran mayar listrik, mayar beas, mayar tagihan cai, mayar skinkeur, mayar wedak acan lipenna sedowna sipat alisna neng, mayar baju kamu nu tiap poe ulin, pangajian, ngagosip, ngaresing....”
Panonton: “Refreshing Kang Ruslan”
Ruslan: “Heeh eta maksud urang teh represing, kudu weh make baju anyar etateh panongton, na kabina bina teuing nu ngaranna awewe”
Rusih: “Ari akang kalah ka adu nasib jeung batur katempo pisan nasib goreng teh nggeus ah hayu urang mulang gancang”
ADEGAN 2
Rusih keur ngariung di acara hajatan budakna Bu Lurah nyaeta Ibu Endah, manehna teu sorangan tapi aya oge Ceu Entin jeung Ceu Hermin nu sarua keur kaondangan oge.
Rusih: “Ih ibu meni teu ngeunah kieu daging teh, ah teu puguh rarasaan samaranage asa kurang”
Ceu Entin: “Heeh, teu ngeunah tapi ludes.”
Rusih: “Yeh lain kitu Ceutin ludes ge da ngahargaan keneh kanu boga hajat bisi pajarkeun dihinakeun”
Ceu Hermin: “Yeh euceu-euceu tong kitu, awon etateh Alloh mah teu suka, teu kenging nyarioskeun emameun, ieu ge pan sami rezeki ti Alloh, meureun sakieu ayana, tapi emang enya si dagingna asa hese digegel kitu asa geunyal, ieu teh daging atawa ban jeronya ceu asa liat kieu”
Ceu Entin: “Euh sugan teh rek bener ari heg saruana”
Rusih: “Ah uyuhan wae meureun ceu nikahan ku duit pas pasan bari jeung dadakan kaharti meureun ku Ceuher nu nikah kieu teh pedah naon”
Ceu Hermin: “Bener Ceu kaharti ku urangge, hayang ngomong titadi ngan ah geus kawakilan ku Ceurus”
Rusih: “Tuh atuh tingali tina dekor nage asal nyangsang weh tinggaruntayang jiga jualan jeroan”
Ceu Hermin : Heeh bener tinggal kurang ngagorowokna weh ieu teh ceu “Beu kadieu kolorna dikoloran dikoloran, sakabeh model kolor aya”
Rusih: Euh miskom, lain jeroan kolor karitu eta jeroan sapi ning tinggaruntayang di jero pasar
Ceu Hermin: Oh heeh ceu salah kieu meureunnya ceu “Dijeroanan dijeroanan, sagala model peujit aya didieu, kadarieu kadarieu”
Rusih, Entin, Hermin seuseurina tingcikikik tiluan.
Ibu Endah: “Asalamualaikum Ibu”
Ceu Entin: “Waalaikumsalam Bu Endah”
Ibu Endah: “Meni rame ieu teh nuju ngobrolkeun naonnya?”
Ceu Entin: “Eta Bu saur Ceu Rusih jeung Ceu Hermin pasakanna siga kasreng ban jero”
Ceu Hermin: Eh henteu Ibu sanes, eta maksadna salakina Ceu Rusih nuju tuang kasreng ban jero di bumina ari pamajikanna tuang nikmat kieu di parasmanan”
Ibu Endah: “Euleuh Ceu Rusih na enya salaki teh kabeukina nukitu”
Rusih: “Eh....eh....euuuuu....enya Bu Endah leres ah da kasebatna salaki abdimah golongan salaki gampang diracun bu”
Ibu Endah: “Ah sok aya aya wae heureuynateh Ceu Rusih mah, kumaha enak teu pasakanna?”
Ceu Hermin: “Euh enak pisan Bu Endah tuh dugika seep, abdi mah nya bu mun wios mah bade di legleg sareng piringna saking ku enak total, mun disingkat mah ENTO.....”
Rusih: “Heuppp....”
Ibu Endah: “Eh atuh teu kenging piringnamah, bilih bade mah sok nyorog deui jig” Rusih: “Atos Bu Endah atos cekap da tos wareg”
Endah: “Muhun atuh pami kitumah alhamdulillah, hatur nuhun pisannya ibu-ibu tos kersa kadieu, ngan nging hilap kade ngaramplop pangminimal minimal na 3 juta 5 ratus saurangna dikali tilu berarti kedah aya 10 juta 5 ratu, kade hun ieu dicatet ku abdi soalna”
Ceu Hermin: “Walahhhh....”
Rusih: “Gampil atuh Ibu etamah tos pasti teu kenging hariwang”
Ibu Endah: “Muhun sok atuh lajengnya bu ibu, abdi bade ngadata tamu anu sanes”
Ceu Hermin: “Alah siah ibu-ibu kumaha ieu urang keur eusi amplopna, abdi mah teu mekel artos jaba ieu teh ngan bebekelan diri weh”
Ceu Entin: “Ah keun wae saayana heula ke sesana urang cicil weh”
Rusih: “Heeh da matak jang naon kaondangan nepika 3 juta 5 ratus mah atuh euy”
Ceu Entin: “Heeh ieu meureun ceu jang mayaran dekor nu tinggaruntayang ieu”
Rusih: “Lah ceuk urangmah tibatan ngaripuhkeun kabatur di alus alus make dekor, nu kaondangan duitna di targetkeun geus weh tutupan ku terpal dekorna”
Ceu Entin: “Nya atuh ceu da ieu teh nikahan jalma lain acara adu bagong”
Ceu Hermin: “Euh matak moal jadi daging sangu ge ieumah”
Ceu Entin: “Wios ah Ceuher da abdi mah nuju diet ngarah seubeuhna weh ieumah” Rusih: “Euh lieur ah nggeus hayu balik ceu”
ADEGAN 3
Isuk isuk Ruslan keur siap siap rek mangkat gawe kitu oge pmajikanna nyaeta Rusih nyiapkeun sagala kabutuhan salakina
Ruslan: Neng akang angkat heula damel hun
Rusih: Muhun akang mangga, tos siap sadayananya, bekelna atos, kantongna atos, acukna tos rapih, rambutan tos kulimis
Ruslan: Aya nu teu acan
Rusih: Naon cenah akang nu teu acan the?
Ruslan: Sun na mana sun
Rusih: Ih kang alim ah isin ku panongton keur mah loba nu jomblo keneh kang ieu teh, jaba karunya siah kang pedah jumbo the alatan dia yang mengejar orang lain yang mendapatkan
Rusih: Tos ah neng karunya, akang angkat heula hun, asalamualaikum belahan jiwaku
Ruslan: Waalaikumsalam belahan hatiku
ADEGAN 4
Pak Mandor: “Kumpul kumpul kabeh kumpul”
Ajat : “Aya naon ieu euy”
Uhe: “Teu apal itu ceuk mandor tah kumpul”
Pak Mandor: “Maraneh teu kadenge urang ngomong, hayu buru geura kumpul” Ruslan: “Hayu ah Jat He kumpul bisi beuki ambek si mandor”
Pak Mandor: “Maraneh gawe didieu teu serius teu?”
Ajat: “Nya serius atuh pak, da rek nyeriusan rangda bengsrat anyar pegat masih kabeungkeun ku trust issue cenah”
Pak Mandor: “Maneh heureuy Ajat?”
Uhe: “Pan nuju ngalongser Pak”
Pak Mandor: “Maneh oge Uhe kalah saruana, jawab sing bener serius teu digawe teh?”
Ruslan: “Aya naon ieu teh pak?”
Pak Mandor: “Aya naon aya naon, teu eucreug digarawe teh!”
Ajat: “Keur PMS meureun si Bapak tehnya, Poporongos Meh Sieun”
Ruslan: “Enya aya naon pak ieu teh da ujug ujug kieu”
Pak Mandor: “Nepi ayeuna can sadar ieu kasalahan maraneh?”
Ajat: “Henteu pak da teu di bejaan”
Pak Mandor: “Yeh kalah ngaleleke, Pan ceuk urang kamari teh bentuk imah teh kudu kieu naha jadi siga paranje embe kieu jadina, maneh oge ajat asa tatadi heureuy jeung urang”
Pak mandor ngagebugan Ajat nepika pingsanna kusabab asa di heureuykeun ku si Ajat Ruslan: “Alah siah pak pingsan ieu mah”
Pak mandor: “Ah piraku da neunggeul teh asa teu tarik tarik teuing”
Uhe: “Enya ceuk bapak teu tarik da ceuk nu di teungeulnamah nyeri”
Pak Mandor: “Cik eta heosna aya keneh teu”
Ruslan: “Aman pak aya keneh ngan ieu kumaha si ajat karunya”
Pak Mandor: “Duh kumaha atuhnya, ke bejakeuna kecelakaan kerja kitu heeh”
Uhe: “Tapi pak duh pamali ngabohongmah komo ieu ajat rerencangan abdi pak, ke kumaha lamun mis.....”
Pak mandor: “Ehem ke maneh duaan naek jabatan”
Ruslan jeung Uhe: “SIAP PAK!”
Pak Mandor: “Teu nanaha lin eta si Ajat, teu parah kitu?”
Ruslan: “Hnteu pak aman lah ieu mah si ajat na weh lebay, nya He?”
Uhe: “Enya pak bener, bapak ge tadi neunggeulna laun asa noel, lebay weh ieu mah” Pak Mandor: “heeh geus jung bawa ka puskes mih geura di ubaran”
Ruslan jeung Uhe: “SIAP PAK!”
Comments
Post a Comment