SAJAK

 LAPUR

Ti kajauhan katembong sorot soca Sorot soca anu can tangtu bisa dipiboga Hate geus teu bisa di paler

Rasa nu ku ciptaan gusti

Rasa nu katarik jeung kataji

Ngan hanjakal lapur

Hate nu ngan bisa pasrah ka salira gusti Mugia sing cumpon ieu asih

Asih abdi keur salira bebende hate Kuring sujud nyuuh


NU ENDAH

Alam anu endah ciptaan gusti Alam anu endah kagungan gusti Matak betah ku di tempo

Teu cukup ku disebut

Atawa ngan ukur dipikir

Tapi kudu di rasakeun Dibarengan ku rasa Syukur Kabeh jalma kudu apal

Kana kaendahan ciptaan gusti Nu moal aya lian


JATI DIRI

Ti leuleutik kudu loba mikanyaho Jaga gede teu kaduhung Kaduhung miskin ku elmu

Kudu bisa neangan jati diri Pikeun bekel sarerea

Modalna keur engke jaga


SUMERAH JEUNG PASRAH

Ulah sieun ku kaayaan

Kudu narima kana takdirna

Sumerah jeung pasrah

Yakin yen Gusti teh aya

Ulah hariwang ku janji

Kudu bisa usaha tangtu pareng ieu diri


PAPATAH

Papatah kolot moal reh salah 

Papatah ti kolot tanda kanyaag 

Mangpaatna jaga didunya Jeung akheratna

Comments

Popular posts from this blog

ADAPTASI NASKAH DRAMA JANGJI ASIH

BIOGRAFI DADAN SUTISNA