ADAPTASI NASKAH DRAMA JANGJI ASIH

 Adaptasi Naskah tina Novel Jangji Asih Pamaen

• Asih

• Rahmat

• Warji

• Ruslan

• Neneng

• Resmi

• Pak Wira

• Lasmini

• Tresna

• Edo

• Hilman

• Estu

• Sakri

• Pak Sastra

• Panonton 1, 2, 3, 4

• Pak Odang

BABAK 1

ADEGAN 1

Budak leutik nu jumlahna 5 urang keur seuri balakecrakan ulin diburuan imah, aya Asih, Neneng, Rahmat, Warji jeung Ruslan. Maranehna seuseurian ulin kaulinan budak jaman baheula.

Rahmat: Urang ulin kekerajaan yu!

Ruslan: Hayu ah bosen ulin ucing sumput wae mah

Rahmat: Ayeuna urang bagi heula, urang jeung si Ruslan jadi prajuritna, Warji jadi Rajana, Neneng jadi ratuna, cik saha nu can kabagi

Asih: Asih, ari asih jadi naonnya?


Warji: Pan di Kerajaan teh so kaya pembantuna, tah Asih jadi eta wae nu susuguh ka ratu jeung raja

Asih: Alim ah Asih mah hoyong jadi ratuna wae ke neneng jadi anakna Asih

Rahmat: Ih ulah atuh piraku Asih jadi ratu, asih mah pantesna oge jadi pembantuna Neneng pan Neneng mah tuh katingali pantesna

Asih: Alim, teu adil, Asih mah alim jadi pembantu, Asih ge hoyong jadi ratuna

Asih lumpat muru ka imahna bari ceurik inghak inghakan hayang geura geura nepungan indungna nu aya di imah. Nyampak indungna keur nyanghareupan hawu, Asih lumpat tuluy ngagabrug indungna.

Indung: Eulis anaking kunaon geuning uih ameng teh nangis?

Asih: Maa, nya enya Asih teh teu geulis kitu? (manehna ngomong bari ceurik teu eureun eureun)

Indung: Naha geuning Asih nyarios kitu, anak ema mah tangtu geulis atuh (Indungna ngomong bari ngusapan tonggong Asih)

Asih: Naha enya kitu raray Asih teu pantes jadi ratu?

Indung: Cik dieu carita heula ka Ema naha Asih bisa nyarios kitu dieu carita heula!

Asih: Tadi Asih nuju ameng sareng Rahmat, Ruslan, Warji sareng Neneng, bade amengan kekerajaan, terus Rahmat teh ngabagi saha wae nu jadi ratu raja kituna, ari Asih kabagian jadi pembantuna ema ari ratuna nyaeta Neneng, Asih teh hoyong jadi ratuna, tapi ceuk Rahmat piraku Asih ratuna da nu pantes jadi Ratu mah saurna Neneng ema, asihmah pantesna jadi pembantuna hungkul, Asih teh nalangsa na enya asih teh teu geulis ema (Asih geus wani jang carita sanajan manehna masih keneh inghak-inghakan)

Ema: Sanes teu geulis, Asih teh geulis pisan, komo jang Ema mah teu aya istri nu geulis iwal ti Asih anak ema, meureun Rahmat nyarios kituteh heureuy ka Asih teras asih teu acan ibaknya janten teu acan katingali geulisna, sok ayeunamah Asih ibak heula hun mih katingali geulisna

Asih: Leresan ema etateh, teu ngabohong ema ka asih

Ema: henteu atuh piraku ema ngabohong sok geura ibak hun teras urang tuang sasarengan Asih: Muhun atuh ema, asih bade ibak heula.

ADEGAN 2

Eta eusi lamunan asih bari neuteup tangkal bougenville nu baheula mah kakara ceb nu dauna cararang keneh ari ayeuna geus bisa dipake keur ngiuhan. Asih ngalamun bari ngahariring, inget lalakon baheula keur leuleutik sok jadi peran lamun dibutuhkeun nya dipake lamun teu nya tara diajak ajak acan. Sugan mah etateh keur leutik hungkul singhoreng nepika ayeuna oge manehna geus nincak SMA, angger wae lalakon teh nya kawas kitu teu robah.


“Suganteh alus, tukangnamah da lumayan”(ceuk dua jajaka nu ngaliwat ka hareupeun asih holna titukangeun manehna siganamah balik ti kantin sakola)

Asih hayang pisan ambek ka jalma nu wawanianan ngomong kitu tapi da keur naon, da emang enya kieu ayana, antuknamah Asih tuluy ngarames kembang bougenville nu murag kana lahunana tuluy dialungkeun ka solokan.

Resmi: Asihhh! (Resmi babaturan sakelas jeung asih ngagerewan Asih nu keru ngiuhan keneh dina handapeun tangkal)

Asih: Kumaha Resmi aya naon? Resmi: Asih di sauran ku Pak Wira Asih: Bade aya naon saurna?

Resmi: Duka atuh da Resmi mah dipiwarang nyauran Asih hungkul teu dicariosan bade naon naonna, hag siah Asih tos ngalakukeun kasalahan naon, apal sanes Asih oge lamun Pak Wira nyauran teh pasti wae ka budak anu tos ngalakukeun kasalahan”

Asih: Ah duka asih mah teu sieun da teu rumasa ngalakukeun kasalahan. (Asih tuluy ngahuleng bari umat imut seuri, sorot panonna nempo ka Resmini jeung Hadi nu keur reureujeungan nepakeun rasa kanyaah.)

Resmi: Asih! Sih! Euleuh asih keur ningalikeun Resmini sareng Hadinya, kabitanya Asih bobogohan? Adeuh, hahahaha

Asih: Naon atuh ah henteu, keur naon bobogohan oge teu aya mangpaatna, tos ah Asih bade ka Pak Wira (Asih tuluy cengkat bari ngeprukan jukut nu napel kana rokna)

ADEGAN 3

Asih asup ka rohangan guru, kasapak Pak Wira keur mayunan buku satumpuk, sanajan rarasaan mah teu ngalakukeun kasalahan, tapi da angger wae mun geus nempo dedegan Pak Wira mah awak teh bangun gimir sieun nyieun kasalahan anu teu kahaja tea.

Asih: Asalamualaikum Bapak

Pak Wira: Waalaikumsalam

Asih: Punten bapak tadi Asih dipiwarang mendakan bapak ku Resmi, naha leres pak?

Pak Wira: Muhun leres, calik!

Asih: Muhun bapak hatur nuhun. (Manehna tuluy gek diuk dina korsi pahareup hareup jeung korsi Pak Wira)

Pak Wira: Uninga asih, sakola urang bade magelarkeun ‘Sangkuriang’ dina wangun drama soara, kanggo ngareuah-reuah tepung taun?


Asih: Muhun bapak uninga, waktos itu kacariosan ku Pak Setia waktos diajar karawitan mung teu acan terang langkung telebnamah pak

Pak Wira: Asih, ari seniman teh hiji manusa anu leuwih onjoy perasaanana batan nu séjén. Lemes lir buludru, tapi sakalina katodél sok nékad tara inget kana temah wadi. Tapi manéhna kacida deudeuh kana senina, mun seniman ibing bakal mikiran kamajuan ibingna, mun seniman dina widang karawitan bakal micinta karawitan, mikiran kumaha narékahan sangkan karawitan aya kamajuan, mun seniman dina widang sastra kitu deui.

Ngadenge omongan Pak Wira teh Asih ngan bisa hulang huleng, teu ngarti kana maksud jeung tujuanna Pak Wira ngomong kituteh keur naon

Pak Wira: Ayeuna Bapak hoyong naros ka Asih, ari Asih cinta kana seni? Asih: Kantenan Bapak

Pak Wira: Nyaah?

Asih: Kantenan

Pak Wira: Tah Asih geus cinta jeung nyaah kana seni, pan cinta teh kedah aya pengorbanannya Sih. (Asih romanna beuki balueung kana maksud jeung tujuan pak wira ngomongkeun soal cinta jeung nyaah) Asih kungsi mikanyaah lalaki?

Kuring ngan ukur bisa tungkul jeung teu nembalan kana eta patarosan Pak Wira. Kuring kungsi mikadeudeuh jeung mikacinta hiji jajaka nyaeta Tresna, lalaki nu kasep pujaan sakabeh awewe di ieu sakola, jauh kana enya Tresna bisa mikanyaah oge ka diri ieu.

Pak Wira: Kungsi hnteu Asih? Asih: Ah bapak mah, isin ah pak

Pak Wira: Taah ... kira-kira kitu. Pan geuning urang gé ari ka kabogoh, nya, hayangna téh nyenangkeun waé haténa, hayang téh ngagugu kahayangna, sieun mun kabogoh pundung téh. Kalah kumaha waé ogé, keur nu dipicinta mah urang sok daék berkorban.”

Asih: Teras hubunganna sareng seni pak?

Pak Wira: Kitu deui mun urang deudeuh kana seni perlu pisan pangorbanan téh nya Asih? Asih: Muhun Pak

Pak Wira: Drama suara téh bakal ditongton ku tokoh-tokoh sa-Indonésia, malah boa aya tamu ti luar negri sagala. Ku kituna urang téh kedah milih jelema-jelema petingan dina saga la widang. Nu bakal jadi Nyi Dayang Sumbi téh Lasmini,uninga Asih ka Lasmini?”

Asih: Muhun bapak uninga, saha nu teu uninga ka Lasmini pak, wanoja panggeulisna di ieu sakola. (Asih ngahuleng bari beungeut Lasmini aya dina pikiranna)

Pak Wira: Ngan hanjakal Sorana Lasmini teh goreng pisan, sumbang jeung serak, geus puguh ari pondok napasmah


Asih: Teras hubunganna sareng Asih naonnya Bapak? (Sabenernamah asih geus apal kamana bras cariosan Pak Wira teh tapi bisi disebutna nyanyaohanan)

Pak Wira: Sorana diganti ku sora Asih, di-dubbing kitu lah!

Asih: (ngahuleng panjang jeung aya rasa nyeredet nyeri kana hate tapi manehna kapikiran omongan Pak Wira yen saenyana cinta kana seni teh kudu aya pangorbanan)

Pak Wira: Kersa teu?

Asih: Muhun bapak Asih kersa. (sirah hungkul nu unggeuk mah da hatemah nyeri, bari ngaragap kana diri, deudeuh teuing rajeun ilu pagelaran ge ukur disatukangeun layar)

Pak Wira: Alhamdulillaj, sukur ari asih kersa mah ke minggon payun urang ngawitan latihan, ulah teuing di rekamnya mending langsung wae, mun direkam teh sok awon.

Asih: Muhun Bapak, punten pak manawi anu janten sangkuriangna sahanya pak

Pak Wira: Tresna (Asih ngahuleng ngadenge Pak Wira nyebutkeun hiji ngaran eta) Asih naha tuluy ngahuleng atuh?

Asih: Oh hnteu pak, parantos pak? Pami atos Asih bade lebet deui ka kelas. Pak Wira : Muhun mangga.

ADEGAN 4

Asih geus nepi deui di imah manehna tuluy beberesih awak tuluy diuk nyanghareupan eunteung gede paranti manehna ngeunteun unggal poe

Asih: Singhoreng Tresna nu bakalan jadi sangkuriangna, kuring bingung kudu bungah atawa sedih apal kana ieu hal, disisi sejen kuring bungah nu bakalan nembalan kecap asih Tresna teh nyaeta kuring, sanajan ngan ukur jadi gaganti Lasmini tapi disisi sejen deui kasedih kuring teh Pak Wira tadi nyebutkeun yen hanjakalna lasini teh goreng pisan, hartina meureun ari kuring sora halimpu hanjakal goreng pisan rupana”. (Asih ngobrol jeung dirina sorangan bari neuteup eunteung hareupeun manehna)

Asih: Ah dipikiran teuing mana kituge berarti ngan sora kuring hungkul nu alus sa SMA teh jeung ngan sora kuring hungkul nu bakalan nyieun ieu pagelaran teh sukses. (Gerentes manehna bari ngubaran kasedihna tea)


BABAK 2

ADEGAN 1

Teu karasa ari nu ngaranna waktu geus anjog wae kana waktuna latihan, Tresna: Asih (Tresna nu nyampeurkeun ngadeukeutan ka Asih)

Asih: Kumaha? (Ngajawab baris emu reuwas, ngajawab sakecap teh lain rek jual mahal tapi ngan kecap eta hungkul nu bisa kaluar tina ieu tikoro teh)

Tresna: Asih sok tuang naonnya?

Asih: Naha kitu?

Tresna: Eta suanten mani halimpu-halimpu teuing, asih sok tuang nu hipu hipunya? Asih: Tos heula asih bade ka pengker heula.

Lain teu hayang ngobrol duaaan jeung nu dipikadeudeuh teh, tapi kusabab teu kuat ieu awak ngaderegdeg Tarik jeung hayang ngajawab patarosanna hungkul ge tikoro teh ngadak ngadak teu bisa muka. Asih tuluy ngoloyong katukang ninggalkeun Tresna nu siga hayang keneh ngobrol jeung manehna.

Tresna: Aya pengumuman, urang latihan teh kudu unggal dua peuting sakali, di bumina Pa Sastra, tiasa?

Lasmini: Kumaha atuh uihna?

Edo: Ke sareng Edo dianteurkeun dugika lawing panto

Hilman: Sareng kang Hilman mah dugika lawang mimpi oge dianteurkeun kanggo Lasmini mah

Estu: Abdi oge siap Lasmini bade nganteurkeun Lasmini tabuh sabaraha wae oge, tenang ada Estu disini

Dadang: Ari Asih tiasa atanapi henteu?

Asih: Upami kawidian ku pun biang

Tresna: Tong sieun mulih mah dijajap

Hilman: Muhun Asih, tong sieun seueur ieuh jalu. Asih: Muhun ke wawartos heula

ADEGAN 2

Asih: Ema Asih teh dipiwarang latihan di bumina pak Sastra kanggo pagelaran tea, tapi latihanateh bakalan dua wengi sakali

Ema: Muhun, teras?


Asih: Manawi Ema masihan widi ka asih Ma

Ema: Nya naon alesanna Ema teu masihan widi ka Asih kanggo ngalakonan hal nu sae, mangga geulis sok diwidian

Asih: Leres Ema?

Ema: Nya leres atuh, ke uihna aya nu jajap?

Asih: Aya ema, ke Asih sareng rerencangan da seueuran.

Ema: Muhun atuh, na iraha Asih teh ngawitan latihan deuina kitu

Asih: Engke wengi, Ma

Ema: Kadenya pesen Ema mun nuju latihan sing soson soson ulah seueur dibarengan ku ningkah ke na moal ngajadi mangpaat

Asih: Upami Ema nonton teh moal ningali Asih dina panggung Ema: Kapan suantennamah kadangu

Asih: Ema naha kuring teh enya kitu putra Ema?

Ema: Sumuhun atuh putra Ema

Asih: Geuning Ema mah socana sae, Asih mah awon, Ema mah lambeyna sae, Asih mah Awon, Ema mah sagalana sae, ari asih?

Ema: Aya nu sami geura, yeuh. (Ema nyingkabkeun tiungna tuluy nempokeun ceuli rebing nu sarua rebingna jeung ceuli kuring) Sami sanes sareng nu Asih?

Asih: Muhun Ema aya nu sami singhoreng teh, wios raraymah sami sareng bapak, supados diaku anak bapak

Ema: Muhun atuh, ari Asih ayeuna latihan di bumi saha? Asih: Di bumi Pak Sasta

Ema: Saha Pak Sastra teh?

Asih: Guru kacapi, Ma

Ema: Sok atuh geus rengse emammah geura asar, bisi waktosna ahireun manten.

ADEGAN 3

Ray poe ray peuting teh teu karasa tina bakat ku betah latihan. Geus rek arapal kana meh kabeh tembang jeung kawih.

Tresna: Asih, tara cape nembang wae? (Ceuk Tresna bari ngadeukeutan ka Asih nu keur nangtung deukeut taman sakola)

Asih: Tara, (Tembal kuring, teu wani nenjo beungeutna)


Tresna: Mun wengi tara ngaraos peuyeuh?

Asih: (Unggeuk)

Tresna: Ari asih di bumi teh mung duaan?

Asih: Henteu, opatan, sareng pun uwa sareng rencang, naha kitu?

Tresna: Eta atuda mun Tresna kaditu sok tiiseun wae, teu kagungan saderek? Asih: Gaduh mung tos kurenan

Keur ngeunah ngobrol duaan jeung Tresna, ti tukang Lasmini nyampeurkeun Tresna bari ngome buukna nu ngariom kana tarangna.

Lasmini: Ih mani gondrong

Tresna: Wios, teu resep kitu Mimin kana rambut gondrong?

Lasmini: Teu....teu resep....

Tresna: Ari Asih resep ka nu gondrong, Sih?

Asih: (Asih ngan ukur tungkul teu ngomong nanaon kana patarosan ti Tresna)

Tresna: Ah da Asih mah jalmi bageur atuh, nya Sih. Lungguh, sopan, tara jarawat-jerewet kawas mimin

Lasmini: Muhun lah Mimin mah centil, sareng gumeulis, sok naon deui

ADEGAN 4

Waktu geus nyedek ka peuting latihan oge dimimitian, teu karasa geus wanci Tengah peuting Asih balik dijajap ku Sakri

Sakri: Asih, naha asih teh lungguh-lungguh teuing? Asih: Ah henteu ku nanaon

Sakri: Mun atuh sakalimah nyarios Neng

Asih: Kapan eta oge osok

Sakri: Enya Asih kudu ditakol heula kakara siga goong

Asih: (Manehna seuri)

Sakri: Ari Asih resep ka Tresna?

Asih: Naha make naros kitu? (Ngajawab baris semu nu reuwas, na enya kitu rasa nu di sidem salila ieu teh kanyahoan)

Sakri: Hente


BABAK 3

ADEGAN 1

Waktu nu dianti-anti téh teu burung datang. Sangkuriang dipentaskeun hareupeun éks siswa Sakola Kasenian, nu lolobana ayeuna mah geus jaradi dosén di Institut Kasenian. Mani jempling atuh kadéngéna téh, awahing ku saregep meureun ngabandungan carita. Sanajan Sangkuriang téh carita klasik Sunda nu geus teu anéh, tapi kawasna tetep matak pogot ana dipagelarkeun ku rupa-rupa cara mah.

Panonton 1: Mani geulis eta budak nu jadi Dayang Sumbina duh

Panonton 2: Leresan mani siga pisan

Panonton 3: Geus geulis teh pinter oge aktingna katambah sora nu halimpu Panonton 1: Leres pisan komo eta nu jadi sangkuriangna gagah jaba kasep Panonton 3: Matak hade ieu mah dihijikeun nu kasep jeung nu geulis

Asih ngadenge panonton nu silih puji ka Lasmini jeung Tresna. Manehnab ngarasa sedih naha euweuh hiji ge nu muji kana sora manehna. Napikiran asih naha maranehna bet mopohokeun diri manehna nu geus ngajait diri Lasmini tina poyokeun deungeun.

Asih: Ah tibatan kuring didieu mending kuring kaluar wae (Asih ngoloyong kaluar)

Panonton 4: Payus tah Pak Sastra meunang ti mana aya Mojang keur geulis teh Sorana halimpu pisan

Pak Sastra: Sae nya suantenna sapertos suanten emasnya

Asih tuluy lumpat ka tempat anu simpe manehna ceurik balilihan ngarasa sagalana nu dilakukeun teh teu adil keur manehna

Asih: Naha ieu teh teu adil, nuboga sora emas teh kuring lain Lasmini, licik teu jujur, lebah mana adilna, lebah mana jujurna, Ras kana caritaan Pa Wira basa ménta kuring sangkan daék nga-dubbing sora Lasmini, kapan sakitu lemah lembutna. Enya cenah kudu daék berkorban. Tapi lain pangorbanan kawas kieu, lain pangorbanan anu kudu bari licik, teu kaci.(Asih ngomong sorangan bari terus terusan ngahinghing)

Asih: Saha anu jadi panitia téh, naha henteu taliti teuing. Naha henteu diumumkeun ka balaréa yén nu boga sora téh kuring, lain Lasmini? Ema téh cios nongton kitu, atawa henteu? Mun Ema cios nongton mah meureun bakal uningaeun naha diumumkeun atawa henteu yén nu tembang mah kuring lain Lasmini?

Hawa beuki peuting beuki tiris

Asih: Balik wae kitu kuring sorangan? Rek naon kuring aya didieu ge (Asih cengkat tina diukna tuluy leumpang)

Pak Odang: Asih? Naha leres eta Asih? Asih: Muhun Bapak


Pak Odang: Aeh hiap, rek ngiring mulih?

Asih: Sumuhun Pak

Pak Odang: Yap atuh da bapak ge mung duaan sareng ibu

ADEGAN 2

Barang geus nepi imah nyampak Ema keur diuk bari nyekelan bordelan anu can beres Ema: Eh Asih uih sareng saha?

Asih: Sareng Pak Odang

Ema: Saha Pak Odang teh?

Asih: Guru basa sunda, Ma

Ema: Naha rerencangan nu biasa jajap ka mana? Asih: Asih mah uih ti payun, ari ema tadi teu nonton? Ema: Puguh Uwa teu damang, panas ngadadak

Asih teu barang tanya deui, manehna ngaleos ka kamer tuluy muka brosur nu eusina nyaeta carita singgep sangkuringan, dijerona oge dicutat para pamaen ngan ngaran asih hungkul nu ditulisna make mangsi teu dicetak siga nu lianna, asih ngarasa nalangsa, tuluy manehna ceurik bari ngarumpuyuk jeung leungeuna masih nyekel kana eta brosur

Ema: Asih aya nu keketrok, kade toong heula

Asih: (Cengkat tuluy nyampeurkeun panto, barang dibukakeun singhoreng nu keketrok teh Tresna)

Tresna: Asih mulih sareng saha? Ngahariwangkeun! Asih: Kalebet, calik!

Tresna: Naha sih mulih teh teu ngantosan nu sanes? Asih: Tos tunduh

Tresna: Da nu sanés gé sami tunduh atuh, Sih. Apan abdi melang ningali Asih teu aya. Abdi apan nu tanggung jawab upami aya nanaon ka sepuh Asih. Mulih téh sareng saha? Mani pikamelangeun batur.”

Asih: “Naha nganggo melang, da abdi mah moal aya nu ngaganggu sanaos wangsul sorangan gé.”

Tresna: “Asih mah sok kitu. Teu saé ngahinakeun anjeun téh. Saha nu gaduh perasaan kitu. Kanggo abdi mah sami waé, da tanggung jawab abdi.”

Asih: Ah...


Tresna: Éta mah raraosan Asih waé nyalira. Naha teu uninga yén réréncangan sadayana milari Asih, badé ngabagéakeun, badé nganuhunkeun. Teu aya Asih mah naon hartosna Sangkuriang nu tadi téh? Tapi Asih dipilari henteu aya. Sadayana gé nyeuseulan mah ka abdi, kalebet Pa Sastra. Asih téh bendu? Terus terang waé!”

Tresna: Asih ditaros ku Tresna sakali deui, na enya Asih teh bendu?

Asih: (Gideg) Asih moal neraskeun deui maen, Asih tos alim, ayeuna tos wengi mangga Tresna uih ( Asih mukakeun panto)

Tresna: Asih urang ngobrol enjing hun disakola

ADEGAN 3

Tresna nyampeurkeun Asih nu keur ngahuleng na handapeun tangkal bougenville Tresna: Asih keukeuh moal kersa maen?

Asih: Alim

Tresna: Naha kunaon kitu Asih sok dieu carita heula?

Asih: (Cicing teu kedal sakecap kecap acan)

Resmi: Asih disauran ku Pak Sastra dipiwarang ka kantor

Asih: Muhun (Asih tuluy cengkat ninggalkeun Tresna, leumpang naympeurkeun kantor) Asih: Asalamualaikum Pak

Pak Sastra: Waalaikumsalam asih, mangga calik

Asih: Muhun Pak hatur nuhun.

Pak Sastra : Asih ulah égois. Urang maén téh keur ngaran sakola. Kapan lamun pejabat pejabat geus ngarasa kataji ku sako- la urang, moal hésé ménta sumbangan keur ngawaragadan kasenian urang sangkan maju,” cék Pa Sastra.

Tresna: Asih keukeuh moal kersa maen? (Tresna ujug ujug aya di tukangeunnana)

Asih: Moal (Ceuk asih tandes)

Tresna: Naha kunaon alesanna, pasihan Tresna oge Pak Sastra alesan Sih!

Asih: Cenah seni teh lemes nyatanamah telenges cék kuring ujug-ujug nyarita kitu. Kawasna ieu rasa geus lébér teuing nahan sagala rupa kanyeri haté, tepi ka lubar teu kawadahan deui.

Tresna: “Naha kitu, Asih?” Tresna ngoréjat.

Asih: “Muhun, lebah mana lemesna lamun kana perasaan batur waé apilain,” cék kuring. Tresna: “Saha nu telenges téh, saha nu ngahina ka Asih?”

Asih: “Saréréa, kaasup Tresna.”


Tresna: “Abdi telenges?”

Asih: “Muhun!” cék kuring. Tresna: “Teu rumaos Tresna mah.”

Asih ngaluarkeun brosur tina pesak bajuna, di tampaan ku Tresna tuluy dibaca Tresna: Saha nu ngadamel ieu brosur?” Cék Tresna.

Asih: “Duka.”

Tresna: “Ké ku abdi urang papaykeun,” cenah.

ADEGAN 4

Kuring terus balik, teu hayang ngadéngé aya barébédan nanaon antara Tresna Pak Wira oge Pak Sastra, jeung babaturanana nu séjén. Sadatangna ka imah terus nangkuban, asa beuki nyeri haté diinget-inget mah.

Ema: Aya naon Asih teh? Asih: Ah teu nanaon, Ma

Ema: Tuh aya tamu nu kasep tea

Asih: (Tuluy cengkat mukakeun panto)

Tresna: “Asih, parantos disanggemkeun ku abdi téh. Malih abdi gé henteu raos, da sanés Lasmini nu gaduh soanten halimpu téh tapi Asih. Abdi gé ngajukeun sarat mangga maén upami éta brosur digentos, ku nu kénging abdi.”

Tresna: Mémang taya maksad awon, tapi sanés hartosna bade nyapirakeun Asih, mung maksadna téh meureun hoyong nyepeng nami sakola waéh. Keun waé umum mah tong sina terang aya naon saleresna di satukangeun layar téh. Ku abdi ditentang, kalah kumaha waé ogé nu gaduh sora perlu dibéla, perlu diajénan kabisana. Pa Wira teu satuju brosur dirobih, margi biayana ageung tapi abdi ogé mogok, upami henteu ngagentos éta, abdi gé moal maén. Saur Pa Sastra moal kabujeng sawengi mah. Sanggem abdi sawios teu nganggo baé. Ahirna aranjeunna ngéléhan, badé ngusahakeun nyitak sawengi engké. Jenengan Asih bakal aya, kieu disebatna téh, Juru kawih: Asih Setiasih sareng Tresnaséna, nu nyepeng jejer nembé Lasmini sareng abdi. Kumaha Asihkeresa kénéh maén?”

Asih: “Ah, komo dikitu-kitu mah beuki isin,” cék kuring. Tresna: “Janten Asih téh keukeuh teu kersa maén?” Asih: (godeg tandes)

Tresna: Upami kitu mah permios waé atuh Asih. Sawios latihan anu sakitu lamina gagal total ku ieu kajantenan. Sawios nami sakola urang ajur tutumpuran, disebat linyok disebat bohong. Ari kedah-kedah teuing mah Asih mengundurkeun diri, apa boléh buat, Lasmini sina ngawih.


Paling gé cenah meureun, naha euweuh deui siswi Sakola Kasenian téh nu sorana halimpu? Ngan abdi waé isin ku réréncangan. Jabi bakal pada nyeukseukan ku sadaya guru-guru.”

Asih: Naha?

Tresna: Talobeh, henteu kariksa tadina. (Manehna tungkul Buukna kusut)

Asih: (Ngahuleng bari neuteup tresna, manehna ngagerenten da jero hate “Kacipta manéhna bakal pada ngananaha, bakal pada nyarékan. Deudeuh teuing jungjunan. Keun waé ieu kacinta henteu kudu kanyahoan ku dirina, keun waé ieu kadeudeuh sina angger nyumput dina jero haté, asal kuring bisa némbongkeun kadeudeuh kanyaah, keur saso- ranganeun, teu kudu batur nu nyaho. Kuring daék sotéh maén, lantaran teu hayang nénjo dirina pada ngananaha, lantaran kuring embung dirina pada nyalahkeun, terus manéhna ngahurun balung, mikiran pagelaran nu gagal, kuring anu ngagagalkeunana. Jeung nu utama, ayeuna mangsana kuring némbongkeun yén kuring téh boga hate nu beresih wening, kajeun beungeut siga kedok bakal ogé. Ayeuna mangsana kuring némbongkeun yén kuring téh henteu goréng ka haté-haténa. Keun teuing ari rupa mah saha nu bisa ngoméan? Nu penting haté kuring geulisna sarua jeung beungeut Lasmini.

Asih: “Tresna,” cék kuring. Saumurna kakara kuring nyebut ngaranna, ku haté nu kebek ku kadeudeuh.

Tresna: “Kulan,” cék manéhna, nyah tanggah. Asih: Teu kedah dirobih brosur téh.”

Tresna: “Da Asih moal maén, kitu?”

Asih: “Sanés, abdi gé badé maén.”

Tresna: “Sanaos jenengan?” Teu kebat.

Asih: “Sawios. Papagkeun engké wengi, abdi angger bade maén!.” Tresna: “Asih . Asih, hatur nuhun !” Gap leungeun duanana dicekel. Tresna: “Asih, hatur nuhun, hatur nuhun!” Pokna

TAMAT

Comments

Popular posts from this blog

SAJAK

BIOGRAFI DADAN SUTISNA