GUGURITAN

 


Guguritan

Mijil “Duh Gusti”


Abdi sujud ka kersa hyang widi

Abdi rumaos

Ieu hate teu bisa di paler

Kapigadrung ku ciptaan gusti

Katarik kataji

Ngan hanjakal lapur


Abdi pasrah ka salira gusti

Mugia sing cumpon

Asih abdi keur bebende hate 

Sok sanajan henteu aya widi

Ka salira gusti

Kuring sujud nyuuh


Aduh gusti anu maha suci

Ning ieu lalakon

Asih abdi keur salira wae

Kabengbat ku ciptaan gusti

Hayang mah pasini

Ngeusian ieu kalbu


Hate kuring nu pinuh kaasih

Asih sajejero

Asih abdi ratug dina hate

Asih nu hayang ngajadi hiji

Ngan kahalang widi

Kuring sujud nyuuh


Saban wengi kuring masih nganti

Nganti saban poe

Sok sanajan tacan aya wae

Nudianti teh teu pareng wae

Tara disasari

Pikir pabaliut


Pamentasan hate mawa tingtrim

Hayang mah ngajodo

Akang nu nyeceb dina hate

Jangji pasti nu bener pasini

Rasa rumasa na diri

Akang nu dituju


Sanajan cinta teu aya widi

Tarekah sing getol

Sabab akang nu jadi pupunden

Nepi kana waktu nu dianti

Kudu saban wengi

Ikhtiar mah kudu


Mawa endah kana katumbiri

Duh nu matak sono

Sorot panon nu matak teu weleh

Teu weleh matak mere tintrim

Rek beurang rek peuting

Sanajan ti jauh


Diri anu tungkul kana takdir

Abdi rumaos

Rumaos mikahariwang wae

Kana takdirna carita diri

Gusti alloh moal jalir jangji

Nu pasti tangtu


Akang anu dipiharep jadi takdir

Takdirna nu cumpon

Hayang tepang wae saban poe

Hayu ah urang ngajatuk rami

Ngahijikeun ati

Sangkan henteu gandrung

Comments

Popular posts from this blog

ADAPTASI NASKAH DRAMA JANGJI ASIH

SAJAK

BIOGRAFI DADAN SUTISNA