NASKAH DRAMA NAHA HIRUP TEH KIEU

 TOKOH

• Halimah

• Emang

• Embi

• Pak Rahmat

• Ibu Sumi

NAHA HIRUP THE KIEU?

ADEGAN 1

Dunya mun geus euweuh indung teh beurat rasana. Lain beurat hungkul tapi geus poek siga euweuh kahirupan saterusna, da ngan ka indung bisa muntang teh, eta pisan nu karasa ku Halimah nu geus ditinggalkeun ku indungna tilar dunya ti umur 7 taun, ayeuna hirup jeung Emang Embina anu baheula mikanyaah manehna pas saacan indungna tilar dunya. Bapakna mah geus teu inget inget acan ka Halimah, da ditinggalkeun teuing kamana pas Halimah kakara bisa ngorondang. Enya baheula kanyaah etateh ayana, da ayeunamah nu jadi Emang jeung Embi teh siga nu bengis mun nempo Halimah teh, teu inget baheulamah Indungna Halimah nu sok mantuan maranehna pas keur sangsara.

Embi: “Halimah, dieu heula bantuan Embi, ieu Embi kagok keur mirun seuneu” Embina ngagorowok rada tarik.”

Teu nembal nembal acan si Halimah teh, sakitu geus ngagorowok oge.

Embi: “Halimah, keur naon ari maneh, Embi menta tulung teh kalah cicing wae! Halimah, Halimah!”

Nyampak Halimah keur ngahuleng bari ngagambar dua awewe nu siganamah gambar manehna jeung indungna pas baheula masih keneh aya. Indungna nu ngajarkeun ka manehna ngagambar teh, sanajan ngan nepika umur 7 taun. Embina terus terusan ngagorowok tungtungnamah Halimah sadar aya sora Embina nu semu ambek ngagorowok ngaran manehna.

Halimah: “Embii, kumaha bi aya naon tadi Halimah keur ngahuleng teu kakuping” Embi: “Budak bangkawarah Embi keur ripuh teh lainna nulungan!”

Halimah: “Hampura Halimah Embi, manawi aya naon Embi?”


Embi: “Eta bawa rantang jung kaditu ka kebon anteuran Emang maneh, Embi kagok ieu aya asakeun keneh!”

Halimah: “Muhun Embi mangga, manawi Emang the nuju di kebon mananya Embi”

Embi: “Tuh dikebon cau diditu, parantina wae atuh siga nu can pernah, ke wae nyaneh daharna mun geus nganteuran Emangnya karunya geus wayahna dahar”

Halimah: “Muhun Embi mangga wios da teu acan lapar oge, Limah angkat heula atuhnya Embi.”

ADEGAN 2

Manehna tuluy leumpang ngajugjug kebon cau nu lumayan jauh ti imahna, kebon etateh kebon tininggalan indungna nu ayeuna dituluykeun diurus ku Emang jeung Embina. Halimah teh resep kana kembang percis pisan siga indungna resep kana seungitna kekembangan, barang keur leumpang bari nempoan kembang jeung moroan kupu kupu nu eunteup na kembang di sisi jalan manehna teu barang tempo kana jalan, teu karasa najong batu nu ngahalangan jalan, atuh manehna tiguling bari nempo eusi rantang geus mawur kabeh kana jalan.

Halimah: “Yalloh tulung tulung gusti nyeri kieu ieu suku” “Tulung tulung”

Suku manehna kaluar getih tina sela sela kuku jeung tuur na bared ngagesruk kana jalan, tuluy manehna inget kana eusi rantang

Halimah: “Gusti eusi rantang jang nganteuran Emang oge marurag kieu eusina, ahhhh ieu mah kuring bakalan beunang ambek Emang jeung Embi”

Manehna tuluy cengkat sorangan da euweuh nu nulungan manehna kabeneran jalan teh keur sepi pisan, manehna ceurik balilihan bari mulungan rantang jeung eusina da sieun tea balik balik dicarekan ku Emang jeung Embina.

Embi: “Naha geus balik deui si Limah”

Halimah: “Embiii.... Embiii.....”

Embi: “Naon silaing rek ngomong naon, naha eta suku barared kitu”

Halimah: “Embi hampura limah Embi. Manehna ngomong bari ceurik balilihan” Embi: “Sing baleg atuh ngomong teh aya naon”

Halimah: “Embi sabenerna Limah teu acan nganteuran Emang teh, tadi Limah dijalan kamusibahan Embi, limah tiguling tuluy rantangna murag jeung eusi eusina”


Embi: “Ari sia loba teuing ningkah keur naon silaing bisa nepika tiguling atuh, salaki aing can dahar tiisuk nepika ayeuna gara gara siliang”

Halimah: “Embi hampura Limah Bi, Limah lain keur ningkah da keur leumpang biasa”

Embi: “Ari lain keur ningkah keur naon atuh”

Halimah: “Limah teu barang tempo Embi, najong batu tuluy tiguling”

Embi: “Heueuh matak mun leumpang sing bener, geus ayeunamah silaing nyingkah kaditu, moal rek mere kejo aing mah”

ADEGAN 3

Halimah teu bisa kukumaha manehna tuluy ngaleos bae, tuluy ka makam indungna. Manehna nyuuh kakuburan indungna

Halimah: “Duh Ema, peurih peujit Ma, limah teh da asa teu salahsalah teuing ma naha atuh Embi teh asa bengis pisan ka Limah Ma”

Limah ceurik ngagukguk bari nyuuh na kuburan indungna

Halimah: “Emaaaa... Emaaa.... peurih peujit Ma, Embi teu mere sangu sangu acan ka Limah Ma jang dahar ge Limah meni ripuh kieu Ma, Limah hayang jeung Ema wae”

Teu karasa manehna sare didinya nepika sore, tuluy manehna balik ka imahna bari kaayaan peurih keneh beuteungna. Dina jalan balik manehna nempo kebon cau nu nu cauna leubeut pisan. Eta kebon the masih keneh kebon titinggalan indungna nu diurusan ku Emang jeung Embina. Da ngarasa manehna ge boga hak kana eta cau tuluy manehna metik sababaraha cau tina tangkalna jang ngeusian beuteungna nu geus leuwih ti lapar, keur mah cau nu na tangkal the konengna mani ruhruy jeung amisna mani legit.

ADEGAN 4

Emang: “Ma mana si Halimah geus wayah kieu can embol-embol wae” Embi: “Teu apal atuh Pak”

Emang: “Budak the geus euweuh gawe, teu apal kana waktu pisan” Embi: “Bapak dieu, tuh budak epes meer teh kakara mencengis”

Emang: “Halimah na kamana ari silaing laina di imah digawe bantuan si Embi, ulin wae nyanehmah atuh pagawean teh”


Halimah: “Emang Embi hampura tadi Halimah tos ka makamna Ema” Embi: “Rek naon atuh ka makam, geus kaditu ka imah beresan eusi imah” Halimah: “Muhun Emang Embi mangga”

ADEGAN 5

Manehna ayeunamah geus tara kalaparan deui, lamun teu dibere dahar ku Emang Embinateh sok tuluy ka pipir kebon cau ngahenggoy dahar cau. Emang jeung Embina panasaran naha budak the jagjag wae padahalmah tara dibere kadaharan. Hiji mangsa barang Halimah keur ngahenggoy dahar ca ku mamangna digebah bari dicarekan

Emang: “Na sia anu sok malingan cau aing the paingan sok beak beak wae nyaeta tea ku sia dipalingan!” Emangna ngomong bari nulak cangkeng jeung beungeut nu meredong semu beureum bakating ku ambek

Halimah : “Hampuran pisan Emang Embi”

Embi :“ Ari silaing wawanianan nyolong cau dipipir imah”

Halimah : “ eeee....eeee henteu embi Limah teu kumawantun pisan barang candak kitu” Limah ngajawab bari awakna ngadaregdeg.

Emang : “ Tong ngawadul silaing sakitu geus kapanggih teh”

Embi : “Moal daek ngaku atuh pak nu ngaranna tukang maling mah”

Halimah : “Emang hampura Mang Limah teu maksud nyolong cau emang”

Embi : “Tuh ceuk aingge naon, silaing nu nyolong cau teh”

Halimah : “Limah lapar Embi, geus teu kuat barang nempo cau keur meujeuhna Limah kapoekan nyokot eta cau”

Emang : “Silaing apal cau etateh bahan iangeun, ku silaing di cokotan kumaha ke aing meunang duit atuh”

Halimah : “Hampura Limah Emang embi hampura” manehna ngagebrugkeun awak bari nyuuh kana suku emang jeung embina

Emang : “Kaditu sia, aing geus teu hayang nganggap sia dulur deui, teu hayang aing boga dulur tukang nyolong, nyokotan barang nu lain hak na”


Halimah di usir ti imahna sorangan manehna tuluy ngoloyong ninggalkeun imahna bari teu puguh jugjugan, ngaliwatan sababaraha lembur, mangsa peuting manehna sare handapeun saung leutik. Manehna tuluy ngagerentes bari terus leumpang

Halimah :“Ema, na kieu kieu teuing hirup limah ma, ditinggalkeun nu jadi kolot, dipiceun ku emang jeung embi nu baheulamah mikacinta, diusir ti imah sorangan nu sakuduna etateh hak Limah, Limah kudu kamana Ema, limah hayang ka Ema wae Limah teu hayang sorangan di alam dunya, teang limah ema ka dieu teang.”

ADEGAN 6

Tidinya limah ngahinghing ceurik bari nandangan sangsara Wanci subuh manehna geus korejat deui hudang tuluy nuluykeun lalampahan nu teu puguh jugjugan, barang nepi ka hiji lembur manehna geus teu kuat nuluykeun lalampahanna sukuna geus teu mirasa keur nincak nincak acan tuluy manehna ngagudura pingsan. Tuluy aya tukang kebon nu ngaranna nyaeta pak Rahmat manggihan manehna dibawa wae ka imahna

Halimah: “Dimana ieu, duh gusti beurat pisan ieu mastaka”

Pak Rahmat: “Alhamdulillah geus sadar ni budak teh, bu dieu bu ieu budak the geus hudang”

Bu Sumi: “Geulis ieu sok leueut heula cai haneutna”

Halimah: “Hatur nuhun bu pak, sateuacanna ibu sareng bapak the sahanya teras ayeuna limah dimana”

Pak Rahmat: “Oh kakasihna limah ieu the? Muhun nepangkeun bapak the namina pak Rahmat tah ieu caroge bapak namina bu sumi tadi bapak uih tik ebon ningali limah ngagoler di jalan tuluy bapak candak ka bumi”

Halimah: “Masyaalloh bapak hatur nuhun pisan kana pitulungna”

Bu Sumi: “Sok ayeuna lima carita ning tiasa pingsan siga tadi tuluy aya naon dugika tiasa kieu”

Halimah: “Muhun janten Limah the tos diusir ku Emang sareng Embina Limah kumargi Limah kapendak nyandak cau tina tangkalna padahal eta cau masih hak Limah da aya dikebon tininggalan Indung Limah, kapungkurmah pas Ema masih aya Emang jeung Embi the sakitu nyaahna ka Limah tapi ayeuna saparantosna Ema tilar dunya Emang sareng Embi the tos teu nyaah ka Limah, bengis nu aya”

Bu Sumi: “Duh gusti, ari bapak Limah kamana?”


Halimah: “Bapak limah tos ninggalkeun Limah duka kamana ti Limah nembe tiasa ngorondang bu”

Pak Rahmat: “Pami eulis kersa ayeuna Limah tiasa cicing di bumi bapak sareng ibu, kaleresan bapak sareng ibu kapungkur gaduh murangkalih mung tos tilar dunya pami aya meureun tos sapantaran Limah”

Halimah: “Leresan Pak Bu?”

Bu Sumi: “Muhun geulis pami Limah kersa Ibu sareng Bapak insyalloh bakalan mikanyaah mikawelas mikaasih limah sapertos murangkalih nyalira

Halimah: “Limah kersa Ibu Bapak”

Pak Rahmat: “Masyalloh Alhamdulillah hatur nuhun geulis putri bapak putri ibu tos kersa” Halimah: “Hatur nuhun oge Pak Bu tos ngangken Limah”

Tidinya kahirupan Limah rubah jadi pinuh ku kabagjaan.

TAMAT

Comments

Popular posts from this blog

ADAPTASI NASKAH DRAMA JANGJI ASIH

SAJAK

BIOGRAFI DADAN SUTISNA