RUMPAKA KAWIH

ASIH DIPULANG KAPEURIH

Bulan sapasi nu jadi saksi 

Basa urang tepung nu munggaran

Anjeun jangji pasini

Urang bakal babarengan 


Duh Engkang 

Katiga geus kalarung 

Naha atuh bet sulaya

Kapan abdi nganti-nganti


Duh Engkang 

Geuning sumping kembang deungeun 

Ngeusian sagara hatena

Teu ngarampa hate kuring


Duh kiwari kuring pamit 

Mulangkeun kaasih nu bari



SONO NU NGALANTUNG

Sanaos Urang duaan

Paanggang teuteup

Paanggang waruga

Nanging kaasih tetep marengan lalakon

Dina unggal du'a sareng dina impénan 


Kuring sono ka salira

Lir kembang mikabutuh cihujan 

Mekarkeun kaasih

Comments

Popular posts from this blog

ADAPTASI NASKAH DRAMA JANGJI ASIH

SAJAK

BIOGRAFI DADAN SUTISNA