BIOGRAFI DADAN SUTISNA

 Dadan Sutisna gumelar di Sumedang 22 Februari 1978, kuliah di jurusan matematika kusabab éta pelajaran nu ku anjeuna dipikaresep timimiti SD nepika SMA. Ayeuna anjeuna jadi sekretaris di Yayasan Budaya Rancage. Dadan Sutisna mangrupa salah sahiji pangarang sunda, jurnalistik ogé sastrawan anu dipikawanoh kusababaraha karyana lain dina widang kasundaan hungkul tapi aya ogé karyana dina widang basa Indonesia ogé dina bidang IT. Karyana dina widang sunda ogé Indonesia aya cerpén, drama, ésai, novel, dina widang IT na aya sababaraha karangan ngeunaan buku buku komputer. Karya karya ieu sababaraha kali meunang penghargaan sastra rancagé ogé penghargaan liana.

Resep maca mangrupa hiji hal nu ngajadikeun anjeuna nepika bisa ngahasilkeun sababaraha buku. Tibubudak geus boga karesep kana maca, harita pas anjeuna masih sakola dina bangku SD, aya hiji perpustakaan nu jumlah bukuna hampir aya 1000 judul buku, anjeuna bisa namatkeun sakabehna buku salila sakola kelas 1 nepika kelas 6, alatan kuresepna téa kana maca. Harita lain kur buku basa sunda hungkul tapi buku basa Indonesia oge tamat kuanjeuna dibaca, malahan anjeuna sok diilu biungkeun dina pasanggiri pasanggiri ngarang, kusabab guruna ningali aya potensi dina diri anjeuna tina sumangetna maca.

Aya hiji carita anu di tetelakeun ka Dadan Sutisna yén aya kajadian anjeuna cilaka dina kebon awi dugika misalah anu ngalantarakeun manehna euweuh kagiatan, tah tidieu mimiti anjeuna nyieun hiji karangan anu ditulis dina kertas salambar anu judulnya nayeta “Ngipri” atawa leuwih dipikawanoh ku hartina muja “Siluman Oray Serepan” tina buku anu pernah kuanjeuna dibaca. Eusi tina dongeng ngipri karya Dadan Sutisna nyaeta aya hiji jalma anu manehna boga kahayang jadi jalma beunghar akhirna milih jalan anu lian kucara muja siluman oray. Tuluy hasil nulis anjeuna dibacakeun hareupeun babaturanna, loba nu resep kana dongeng ngipri eta nu akhirna anjeuna ngarang tiap poe nepika aya babaturan anu ngadokumentasikeuna di ketik dina mesin TIK saterusna dijilid. Salila ti SMP ka SMA anjeuna kaitung 1000 halaman carita karangan anjeuna hungkul.

Dina tingkatan SMA anjeuna boga babaturan langganan manglé, tidinya anjeuna karek apal aya majalah manglé. Karesep anjeuna jadi nambahan nepika sok néang ka imah babaturanna keur nginjeman buku buku manglé. Nalika SMA anjeuna kapikiran hayang boga mesin TIK keur neruskeun hanca karangan anjeuna sangkan bisa didokumentasikeun, saméméh boga sorangan anjeuna sok nginjeman mesin TIK ka babaturan malahan pernah nginjem nu Désa.

Dina taun 1999 anjeuna aya proyek buku anu dibéré ngaran Pernik Jatnika, ieu buku téh teu pedal waé alatan hiji dua hal akhirna ku anjeuna dikintun ka Jepang nyaéta ka Pak Ajip Rosidi, akhirna tina buku ieu anjeuna meunang penghargaan sastra rancagé dina taun 2001, saméméh eta ogé anjeuna aya sababaraha buku dina taun 2000 salah sahijina buku nujudukna ukur banyol. Dina taun 2007 anjeuna ngawitan fokus kana buku buku komputer atawa buku buku pemrograman.

Sababaraha prestasi Dadan Sutisna dina taun ka taunna nyaeta aya dina taun 1997 anjeuna dilélér penghargaan juara harepan pasanggiri carita pondok atawa carpon ku D.K Ardawinata, taun 1999 dilélér hadiah ku D.K Ardawinata salaku juara harepan dina salah sahiji pasanggiri nulis novel, taun 2000 jadi pinunjul hiji lomba Carita Rakyat Jabar, taun 2002 hadiah Sastra Samsudi, dina taun 2003 sababaraha kali meunangkeun carpon pinilih majalah mangle oge hadiah jurnalistik Muh.Koerdie, prestasi dina widang IT na nyaeta dina taun 2003 dileler juara Desain Web.

Pesen oge motivasi ti Pak Dadan sutisna pikeun mahasiswa atanapi nonoman sunda nyaeta maca maca maca, ulah bosen kana maca kusabab tina maca urang bisa nempo sakabeh alam dunya, jadikeun maca jadi hiji karesep nu moal aya akhirna jeung anggeusna, kusabab tina maca kana elmu bisa nambah, dina nulis bisa jadi leuwih motekar.

Comments

Popular posts from this blog

ADAPTASI NASKAH DRAMA JANGJI ASIH

SAJAK