CARPON LEUNGITNA PERAN NU JADI BAPAK
Ceuk batur mah cenah bapak téh cintana budak awéwé tapi naha atuh kuringmah kalah nu nyieun raheut mimiti kana ieu hate?. Cenah ceuk baturmah bapak téh hiji lalaki nu moal leungit cintana rék kumaha kaayana ogé, tapi naha kuring mah teu ngarasakeun éta timimiti kuring gubrag ka alam dunya?. Kapikir ku kuring bari melong tatangkalan tina jandéla imah nu siga silih ngagupayan ka kuring, siganu karunya ka kuring, siganu ngarti naon nu aya na pikiran kuring.
“Teteh hayu dieu ieu sasarap, tos tabuh sabaraha ayeuna?” Ceuk indung kuring nu geus ti wayah subuh nyiapkeun keur sasarap kuring jeung Néla adi kuring.
“Muhun mah sakedap, Tétéh teu acan réngsé ieu siap siapna” témbal kuring bari nyusutan cai panon nu rambisak ngabaseuhan pipi nu geus dipolés ku wedak.
“Hayu énggal tos tabuh sakieu kudunamah tos angkat sakola, geura tingali Néla tos siap teu acan bisi kasiangan oge sami” “Muhun mah sakedap” Kuring leumpang nyampeurkeun Néla nu keur nyiapkeun buku sakola.
Néla téh adi kuring, si bungsu nu geus teu karasa ayeuna geus kelas 3 SD, sakainget mah baheula masih kénéh dituyun ku indung diajar leumpang éh ari ayeuna teu karasa geus gedé. Sakolana ogé sarua jeung sakola kuring, ngan kuringmah ayeuna geus jadi siswi akhir nyaéta kelas 6 SD nu sakedeung deui neruskeun ka SMP.
“De rengse teu acan?, hayu urang sasarap heula itu si mamah tos ngantosan”, “Teteh sakedap Dédé milihan heula bukunya hilap wengi teu acan dilebetkeun kana kantong, wengi Dédé téh teras wéh jongjon bobo, ari buku teu acan disiapkeun, sok wéh Tétéh tipayun ke Dédé nuturkeun” témbal Néla nu pahibut ngasup ngasupkeun bukuna kana kantongna. “Ulah laminya bisi Mamah nyeuseulan” ceuk kuring
“Mana téh si Dédé?” “sakedap deui kadieu Mah nuju milihan heula buku saurna”
Pasakan indung kuring euweuh tandingna, ku gurihna, ku amisna, sagalana ngepas, komo mun geus nyieun sayur sop kabeuki kuring haneutna tina saang, gurihna, segerna ah kacipta rasana téh, kadaharan di restoran ogé éléh ku pasakan indung kuring mah, ngan bapak ayeuna geus jarang dahar bareng, teu apal kumaha pikiranna sakitu dibéré pamajikan pinter masak gé sok kalah milih dahar diluar. “Mah ari bapak kamana? Teu ngiring tuang jeung urang?” “Lah entos Téh, si Bapakmah sanes taroskeuneun deui, pan kitu kalakuanna Tétéh ogé terang, ayeunamah bapak leuwih mineng tuang di luar tibatan babarengan kieu mah” témbal Indung kuring bari nyiapeun bekel keur kuring jeung Néla jang dibawa ka sakola. “Tapi mah ...” “Téh atos, sok geura tuang sing leres ulah mikiran nu teu puguh moal matak jadi daging” can gé bérés kuring ngomong Indung kuring geus motong obrolan, siganu teu hayang manjangkeun obrolan ngeunaan si Bapak. Teu lila tidinya Néla aya nyampeurkeun bari geus siap ngagandong kantong, tuluy tuang babarengan.
“Mamah Néla ukeun artosnya, tapi alim dua rebu hoyong sapuluh rebu, rerencangan Néla gé mekelna seueur sapuluh rebu sok sagala di pésér” nu tadina jempling adi kuring muka obrolan deui. “Euleuh Geulis mani seueur pisan atuh bekelna kedah sapuluh rebumah, pan Néla mah ku mamah dibekelan sangu tibumi, meureun mana kitu gé rerencangan Néla mah teu dibekelan sangu ku Mamahna matakna mekelna seueur.” Mamah nembalan bari make sora nu lemes.
Ah kitu téa indung kuring mah kasebutna jama pangsabarna, euweuh nu leuwih sabar ti indung kuring, nyakolakeun kusorangan, ngabiayaan sapopoena kuring jeung adi kuring kusorangan, mayar kabutuhan imah ge kusorangan. Salakina nu ngan aya wujudna hungkul euweuh peranna, gawéna ngan ngudud, unjang anjang kaditu kadieu, digawé mah heueuh getol da kasebutna mangkat isuk balik peuting tapi hasilna lain jang pamajikan jeung budakna, tapi jang dirina sorangan, kadang aya kapikiran boa enya bapak téh boga awéwé séjén nu sok ku manehna di anjangan, ahhhhh naon si pikiran kuring beuki kamana mana wae, goréng-goréng ge bapak sorangan jeung teu hayang boga pikiran goréng kanu jadi bapak bisi kalah jadi doa.
“Muhun atuh ari Néla maksa mah artos jajanna Néla mulai dinten ayeuna naékna jadi lima rébu, wios?”
“Ih mamah serius teu wadul? Asikkkk Néla jajan ka Mang Ohimna badé dua kali ngké mah moal sakali” Nela nu bungah bari abrug abrugan ngadenge duit jajanna ditambahan ku indung.
“Nyebat naon ka mamahna atuh?”
“Nuhunnya mah” Nela nangkeup satarikna bari dicium taarna.
Duh indung, bener aya nu ngomong kanyaah indungmah moal aya ilangna moal aya duana, kanyaah indung mah kanu jadi budak, bumi katut saeusina gé moal bisa ngawakilanana, kasebutna keur euweuh oge di aya aya, nu penting mah nu jadi budak bagja.
“Néla hayu atuh urang kasakola ayeuna tuh sakedap deui tabuh tujuh” “Hayu Tétéh, Mamah Néla sareng Tétéh ka sakola heulanya” ucap Néla bari ngarampa leungeun dituturkeun ku kuring “Muhun sok ati ati di sakolananya geulis, bageur, pinter”
Néla nu sapanjang jalan umat imut, bakating ku bungah mésakan duit lima rebu, kuring kabawa bungah nempona sanajan tiap poé aya wéh parebutna téh, nya parebut maénan, kadaharan malahan parebut tempat saré, ah kitu ieuh lain nu ngaranna adi jeung lanceukmah, iwal ti adi sorangan diceurikan ku batur, nu manggihanna jama nu wawanianan nyeurikan adi kuring nya kuring heula lanceukna. Barang geus deukeut sakola kuring nempo aya motor si bapak ngajugrug di deukeut imah Bu Lélah nu katelahna janda anak tilu, karék ditinggalkeun ku salakina tilar dunya kurang leuwih dua sasih kalangkung.
“Néla tipayun hun ka sakolana, wantun sanés dijalanna, tah da sakedap deui ogé dugi pan, Tétéh badé ka bumina Téh Wanda heula saurna hoyong di sampeur” “Wantun téh pan Néla mah sang pemberani, nya atuh Néla tipayunnya” témbal adi kuring nu némbongkeun otot leungeuna bari tuluy lumpat.
Lain rék ka si Wanda ieuh, kuring panasaran ku ayana motor bapak kuring ngajugrug didinya, barang ngeteyep noong tina kaca, heueuh baé aya bapak kuring keur diuk na korsi bari siganu keur senang cumarita jeung Bu Lélah bari nyampak hareupeuna aya sangu jeung goréng lauk meureun karak bérés dahar, teu duaan waé didinyateh aya ogé si Imron sapantar jeung Néla nyaéta budak pangleutikna Bu Lélah jeung alm Pak Badru. Katempo pisan ku kuring barang si Imron rék mangkat sakola, bapak ngusiwelkeun duit sapuluh rébu ka manéhna. Duh ari bapak naha atuh kalakuan téh kitu-kitu teuing, ari anak hasil getih sorangan tong boro dibéré sapuluh rebu ku ucap duarébu gé héséna alahbatan kudu ticeurik ceurik heula, ari ka anak batur naha atuh sababari eta. Bray inget ka obrolan Néla, manehna sok nempo babaturanna mekel sapuluh rebu tiap kali sakola, boa enya nu ditempo teh nyaéta si Imron nu duitna hasil paméré bapak kuring.
“Euh geus jam tujuh leuwih, ah kudu buru buru ka sakola ieumah” kuring tuluy lumpat ka sakola, mun teu nempo kana jam mah kuring rek nempo nepika bapak kuring ka luar ngan hanjakal geus wayahna asup.
“Heh Mél naha atuh hulang huleng waé tatadi, di ajar gé siganu teu suhud manehmah pan Basa Sunda téh pelajaran nu dipikaresep ku manéh lin, naha atuh tadi mah siganu laleuleus, aya naon dieu carita?” tanya Wanda, nyaéta sobat deukeut kuring, manehna nempo kuring nu barang mimiti kasakola geus hulang huleng teu paruguh
“Teu nanaon da ngan asa kurang ngareunah awak wéh ieumah” tembal kuring.
“Euh hayu atuh ka UKS ari kitumah, beu jeung urang”
“Ah teu kudu Wan ngan kurang saré hungkul peuting teu bisa saré, sakedeung deui gé bél balik pan”
TENGG...TENG...TENG..., teu lila bél balik disada kuring gura giru geus teu kuat hayang balik hayang nepungan indung jeung nyaritakeun kajadian nu tadi. Barang nepi ka imah kuring nempo indung kuring keur mungkusan bolu keur pesenan nu hajat.
“Mah nuju nyalsé teu, Tétéh hoyong carita, wios?”. “Eh Tétéh aya naon, kaditu gentos acuk heula, kapan dianggo deui énjing sanes?” “Ah mamah ké waé da Tétéh ogé moal kokotoran ieuh” tembal kuring. “Sok atuh Téh badé caritamah aya naon, aya masalah naon, masalah sakola ta masalah kabogoh héhé” tembal indung kuring bari heureuy “Ih ari Mamah Tétéh mah teu gaduh kabogoh, sanés éta mah ieu masalah penting pisan leuwih penting ti sakola komo urusan kabogoh mah” “uhun sok carita ka mamah aya naon” tembal indung kuring bari terus ngawadahan bolu.
“emmm... mah... emmm mamah terang Bu Lélah teu, janda nu salakina nyaéta Pak Badru nu nembe ngantunkeun 2 sasihan kalangkung?” kuring nyarita bari dareuda jeung teu bentés kusabab pikir kuring sieun indung kuring ambek harita kenéh pohara kumaha ambekna nu jadi salaki ngalakukeun hal anu jauh tina agama. “Muhun Téh terang, kumaha kitu?” “Tadi téh Tétéh ningali bapak aya di bumina Bu Lélah Mah, teras masihan artos ka Imron sapuluh rebu kanggo bekel ka sakola, bari nyampak aya tilas tuang sasarengan dina méja, saur Tétéh mah éta tos kaleuleuwihi mah, ari ka Tétéh sareng ka Néla darah dagingna sorangan tara pisan masihan artos komo kanggo sakola mah, ka Mamah tara nganapakahan, naha ari kabudak batur sagogolosoran éta artos téh, teu adil Mah kieu caranamah” kuring ngomong bari dareuda jeung rada teges ayeunamah bakating ku emosi, kuring kasebutna emang karek kelas 6, karek saeutik pangalaman hirup anu dimeuangkeun, tapi kuring apal eta salah.
“Tétéh geulis anak mamah, saleresna mamah téh alim Tétéh terang kana ieu hal, ku mamah ditutupan tikapungkur ogé da meureun ieu cocobi dina kahirupan Mamah, tapi kusabab Tétéh tos terang saleresnamah Mamah tos terang ti kapungkur, yén bapak téh sok ka bumina Bu Lélah, malahan pas Pak Imron tilar dunya bapak leuwih mineng ka Bu Lélah, ngan mamah leuwih milih cicing teu ngalakukeun nanaon, ké ogé mun Tétéh tos sawawa
bakalan ngartos naha Mamah teu ngalakukeun tindakan nanaon, Mamah mah iwal ti ngadu’a ka Gusti Alloh sing Bapak saenggalna di sadarkeun yén kalakuan Bapak éta téh salah, geulis urangmah jang muntang kanu Maha Kawasa, kusabab Mantena nu gaduh sagalana, iwal ti éta” témbal Mamah bari neuteup jero ka kuring jeung ngusap-ngusap leungeun kuring.
“Mah tapi angger ieu teu adil mah, Tétéh teu tarima kana kalakuan Bapak” “Muhun sami, sami bageur Mamah oge teu tarima kana naon nu di pilampah ku bapak, matakna Tétéh bantosan Mamah ngadoa hun sing geura pinanggih bapak jeung jalan anu hadé deui, Alhamdulillah sanajan mamah teu nampa artos ti bapak oge pan Alloh nitipkeun rezekina tina hasil icalan bolu mamah nu tiap poena aya we pesenana, dugika tiasa nyakolakeun Tétéh sareng Dédé Néla”
Kuring geus teu bisa ngomong deui tungtungnamah kuring jeung indung silih gabrug silih usapan silih lubarkeun kasedih jeung kanalangsaan.
Comments
Post a Comment